Aslm. Kaka, kumaha damang?Asa tos mangbulan2 teu pendak. Emut we harita basa di bumi Ema. Ti magrib dugi ka satengah salapan kaka meni sumanget ngobrolkeun kuliah kaka. Teu, teu nyangka sacongo buuk eta bakal jadi poe panungtungan neng jeung kaka.
Kaka,kumaha di dinya? Aya saha wae? Keueung teu?
Itu mamah nangis wae.Papah meni kanyenyerian dikantunkeun ku kaka teh. Si ade bangun nu sono ka kaka.
Ema, uwa2, bibi2, emang2, wargi2 oge neng masih nganaha-naha. Naha kajadian eta bet tumiba ka kaka? Naha bet ayeuna?
Saur papah, kaka teh nuju bageur2na. Sagala nu dicarioskeun ku mamah&papah teu weleh diturut ku kaka. Salami 2 minggu kapengker gening Kaka sok ngagugahkeun ade subuh2. Saur papah, nilai kaka di kampus nuju sae2na. Papah&mamah teh nuju reueus2na ka kaka.
Sababaraha minggu ka pengker, cenah kaka jarah ka makam aki da kaka sering ngimpen aki. Gening ayeuna kaka nyusul aki?
Lebaran taun payun mah moal aya kaka atuh. Pas sasalaman ka Ema,kaka moal baris di payuneun neng atuh. Pan kaka teh incu ka-4, sedeng neng incu ka-5. Moal aya deui paseueur2 artos lebaran. Moal aya deui parebut sate idul Qurban. Moal aya deui motor ninja beureum. Moal aya deui kaka nu kacamatana geuleuh bakat ku tos lami&teu digentos2. Moal aya deui kaka nu ayeuna mah ngeusi sabab sering olahraga. Moal aya deui heureuy jeung kaka. Moal aya nu deui nu nyanyi di nikahan. Moal aya deui...
Panginteun ieu nu namina takdir nu teu tiasa dipungkir teh. Manusa mah mung tiasa ngusahakeun. Gusti Allah nu ngersakeun sagalana.
Hanjakal pisan kamari teu tiasa ningali kaka. Banget hoyong nyungkeun dihapunten, bilih aya cariosan/laku lampah nu kirang merenah boh dihaja atanapi henteu.
Neng ihlas ngahapunten kaka.
Wilujeng angkat, kaka. Mugia iman islam kaka ditampi ku Manten-Na.
Salam sono ti kulawargi.
*kangge Kaka Rizki nu tos teu aya dikieuna*
Tidak ada komentar:
Posting Komentar